B. Daerah

Pertanyaan

Jodokeun nepi ka jadi kecap kantetan anu merenah!

1.Pa Yayan miara ______ garut.
2.Mang Udin boga ______ banggala
3.Ki Dipa mawa ______ bangkok
4.Di Lembang loba ______ ustrali
5.Di Kebon Binatang oge aya _____ bali
6.Pa Idi melak _____ siem dina balongna
7.Ari ______ anggora mah kaasup sato ingu
8.Ayeuna mah geus euweuh ______ cihea teh


a.hayam
b.ucing
c.badak
d.domba
e.kuda
f.embe
g.jalak
h.sepat

1 Jawaban

  • Kecap kantetan nyaeta hiji kecap anu diwangun ku dua kecap anu bisa miboga harti anu sarua atawa padeukeut jeung unggal kecap anu ngawangunna (disebut kecap kantetan endosentris), atawa bisa oge miboga harti anu beda pisan jeung unggal kecap anu ngawangunna   (disebut kecap kantetan eksosentris).

    Pembahasan

    Pikeun ngajawab pananya di luhur di handap ieu nyaeta jawaban salengkepna pikeun pananya di luhur ngeunaan kecap kantetan:

    1. Pa Yayan miara domba garut.
    2. Mang Udin boga embe banggala
    3. Ki Dipa mawa hayam bangkok
    4. Di Lembang loba kuda ustrali
    5. Di Kebon Binatang oge aya jalak bali
    6. Pa Idi melak sepat siem dina balongna
    7. Ari ucing anggora mah kaasup sato ingu
    8. Ayeuna mah geus euweuh badak cihea teh

    Pelajari lebih lanjut

    • Kecap kantetan jeung hartina https://brainly.co.id/tugas/5193190
    • Kecap kantetan jeung kecap rajekan https://brainly.co.id/tugas/10345039
    • Contoh kecap kantetan endosentris dan eksosentris https://brainly.co.id/tugas/5556685

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Kecap kantetan

Pertanyaan Lainnya