naon eusina biantara pamapag di luhur teh? jentrekeun!
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kusabab eusi biantara na henteu di tampilkeun, sabenerna pananya ieu teh henteu bisa dijawab. Tapi, sakadar panduan pikeun ngajawab ieu pananya, di handap ieu dijentrekeun kumaha carana pikeun ngajawab pananya di luhur. Eusi hiji biantara teh mangrupa salahsahiji bagian nu aya dina biantara.
Bagian-bagian nu aya dina biantara nyaeta salam bubuka, pangbagea, bubuka, eusi, panutup jeung salam panutup. Jadi, pikeun nilik naon eusi hiji biantara, nu kahiji tilik bagian eusina, dina bagian eusi biasana bisa ditilik informasi ngeunaan amanat anu rek ditepikeun dina eta biantara.
Umpama sanggeus nilik bagian eusi masih can jelas atawa kurang jelas, tilik bagian bubukana, sabab dina bagian bubuka biasana aya informasi ngeunaan tema. Umpama sanggeus nilik bagian bubuka oge masih kurang jelas, tilik bagian panutupna, sabab dina bagian panutup biasana aya informasi ngeunaa kacindekan.
Kata Kunci : Eusi biantara