B. Daerah

Pertanyaan

naon nu disebut biantara pamapag teh?
naon nu disebut biantara pamapag teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Biantara

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :


    Biantara nyaeta nepikeun caritaan atawa kedalan di hareupeun jalma rea anu disusun sacara rapih jeung merenah. Biantara pamapag nyaeta biatara anu ditepikeun pikeun mapag atawa nyambut kana hiji kajadian atawa peristiwa. Umpama dina basa Indonesia, biantara teh disebutna pidato, sedengkeun pamapag sok disebut "sambutan", jadi dina basa Indonesia biantara pamapag disebut "pidato sambutan".


    Umpama ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Komunikasi nu aya dina biantara nyaeta komunikasi anu sifatna saarah atawa monologis. Anu nepikeun biantara biasa direspon ku anu ngabandungan biantara ku ngan saukur ku unggeuk, godeg, seuri atawa keprok.