B. Daerah

Pertanyaan

bagaimana cara menyusun kalimat acak? (bahasa sunda)

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Hiji kalimah disebut kalimah anu lengkep biasana umpama eta kalimah mioboga unsur SPOK, nyaeta unsur subjek atawa jejer, predikat atawa caritaan, objek jeung katerangan. Hiji kalimah umpama diacak bisa hese atawa gampang dina nyusunna, biasana gumantung kana subjek jeung objekna naon.

    Aya kalimah anu gampang ditebak mana subjek atawa objekna, aya oge kalimah anu rada hese ditebak mana subjek jeung objekna.

    Contona kecap-kecap (ku, dibaca, buku, Amir) bisa langsung katebak kalimahna, nyaeta "Buku dibaca ku Amir". Tapi kecap-kecap (ku, diteunggeul, Amir, Budi), kalimahna umpama disusun bisa jadi "Ami diteunggeul ku Budi" atawa "Budi diteunggeul ku Amir".

Pertanyaan Lainnya